Langsung ke konten utama

Kuningan's Carnaval

Karnaval “Diam atau Didiamkan”

Dina raraga tepung taun Kabupaten Kuningan anu ka-521, Pemda Kuningan ngayakeun karnaval anu pamilonna nyaeta warga Kuningan, boh ti instansi pamarentah, sakola, atawa ti masarakat desa. Karnaval eta lumangsung dinten Kemis, 5 September 2019. Sumanget wargi ngagolontor minuhan jalan, janten sapalih jalan kedah ditutup, sapertos Jalan Siliwangi.

Tukang dagang oge ngiringan bagean tina acara. Maranehanna tetep dagang manawi ieu acara teh ngagaduhan paluang pikeun ngais rejeki. Anu sadidintenna teu dagang ge, ayeuna mah ngiringan, dagang naon we diaya-ayakeun, sapertos dagang inuman kuriling. Teu sakedik anu janten tukang dagang dadakan.

Salian ti eta, dina ieu acara aya leuwih ti 50 pamilon. Sadaya pamilon aya ciri has na masing-masing. Aya 3 macem pawai anu diayakeun ayeuna nyaeta pawai budaya, pawai alegori pejalan kaki, jeung pawai kandaraan hias. Sadaya pamilon nampilkeun rupi-rupi tema. Pokona mah kedah saunik-unikna.

STKIP Muhammadiyah Kuningan kalebet kana pawai alegori pejalan kaki anu aya diurutan ka-9. STKIP Muhammadiyah Kuningan mantun tema Diam atau Didiamkan. Dina tampilanna oge unik nyaeta baham sareng tanganna dilakban. Kunaon dilakban? Kusabab urang mantun tema Diam atau Didiamkan anu hartina nyaeta kaayaan nagara keur panas-panasna, seah ku pamendahan Ibu Kota ti Jakarta ka Kalimantan, sagala harga naraek kaasup BPJS, listrik, jeung sajabana. Warta ti Papua oge henteu tinggaleun, sagala macem karusuhan kajadi di Papua. Anu demo dimana-mana. Sadaya masarakat Indonesia ngiring ngeritik pamarentah atawa masyarakat sejenna. Boh tina omongan langsung atawa ngetik di media sosial. Upami omongan atanapi seratanna anu ngabangun mah teu nanaon, ieu mah kadang teu raos didangu atawa dibaca.

Anu kitu teh ngan saukur ngiruhan
kaayaan jeung ngaruksak iketan sodara antara suku anu hiji Jeung suku sejenna. Ku sabab eta STKIP Muhammadiyah Kuningan ngajak urang sadaya supados leuwih wijaksana dina laku lampah pikeun ngutarakeun pamadegan boh langsung atawa dina sosial media. Ari bade ngeritik atawa komentar anu kirang boh henteu mereunah leuwih hade cicing bae. Janten teu aya anu kasinggung manawi eta teh anu nyebabkeun perpecahan antar suku.

Komentar