Karnaval “Diam atau Didiamkan” Dina raraga tepung taun Kabupaten Kuningan anu ka-521, Pemda Kuningan ngayakeun karnaval anu pamilonna nyaeta warga Kuningan, boh ti instansi pamarentah, sakola, atawa ti masarakat desa. Karnaval eta lumangsung dinten Kemis, 5 September 2019. Sumanget wargi ngagolontor minuhan jalan, janten sapalih jalan kedah ditutup, sapertos Jalan Siliwangi. Tukang dagang oge ngiringan bagean tina acara. Maranehanna tetep dagang manawi ieu acara teh ngagaduhan paluang pikeun ngais rejeki. Anu sadidintenna teu dagang ge, ayeuna mah ngiringan, dagang naon we diaya-ayakeun, sapertos dagang inuman kuriling. Teu sakedik anu janten tukang dagang dadakan. Salian ti eta, dina ieu acara aya leuwih ti 50 pamilon. Sadaya pamilon aya ciri has na masing-masing. Aya 3 macem pawai anu diayakeun ayeuna nyaeta pawai budaya, pawai alegori pejalan kaki, jeung pawai kandaraan hias. Sadaya pamilon nampilkeun rupi-rupi tema. Pokona mah kedah saunik-unikna. STKIP Muhammadiyah Kuning...